Selasa, 15 Februari 2011

kawih murangkalih

Bagikan :
Sok Emut baheula keur leutik di lembur, Lur.. lalaguan barudak teh meni loba pisan..Heg di lembur kuring mah sok di lagukeun babarengan di tengah sawah kang Ace deukeut gunung tamiang. Unggal poe barudak teh saba'da sakola sok ngariung di saung atawa di buruan imah tatangga nu rada lega. Lain rek demo gogorowokan nurunkeun lurah, tapi rek ulin babarengan bari ngaloco ning ceuk barudak mah,naon atuh lah namina teh ari gula beureum di asupkeun kana haur sapotong trus di colokan ku awi meunang ngaraut teh.bari ngaletakan loco teh heg bari cocorowokan ngalagu..duuuh mani edun pisan etamah..Mani asa di Sorga dunia we sugan mah.. Beda jeung ayeuna, Barudak Ayeuna mah cocorowokan Teh ngalagu band2 Terkenal,Nu tos Asup kana Telepisi..Barudak Baheula mah Ngalagu nateh Sok rada pikaseurieun..Tah ieu Tembang2 nu Sok di Hariringkeun na teh :
1.AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung Gung goongna rame Menak ki Wastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket jeung kompeni Niat jadi pangkat Katon kagorengan Ngantos Kangjeng Dalem Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong Jalan ka Batawi ngemplong

2.BULANTOK
Bulantok-bulantok Bulan gede bulan montok Moncorong sagede batok Bulantok-bulantok Aya bulan sagede batok Bulanting-bulanting Aya bulan sagede piring

3.CINGCANGKELING
Cingcangkeling Manuk cingkleng cindeten Plos ka kolong Bapa satar beleneng

4.EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan Taraju bawang Kalima cipe, jae ulae Sangkayo Cabok cinde mende Dodomoyo Endeuk-eundeukan Jamparing pegat talina Aleut-aleutan Nu kawin euweuh walina Euleung euy euleun barudak urang ka jami embung euy embung sieun badak nu kamari Euweuh euy euweuh Geus dibedil ku si Sedet Detong det detong Si Sedet kari sapotong Jung jae Balakatanjung jae Mangsoyi godong malati, riri Riri nyandung ka putra dalem Tumenggung Bandung Bandung tipung polongpong Saunda saendo poho Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut!

5.EUNDEUK-EUNDEUKAN LAGONI
Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku Nini Beunang deui ku Aki Eundeuk-eundeukan cangkuang Bale Bandung Paseban Meunang peucang Pa Ujang Leupas deui ku Akang

6.JALEULEU
Jaleuleu ja Tulak tujaeman gog Seureuh leuweung bay Jambe kolot bug Ucing katinggang songsong Ngek!

7.KALI-KALI KONENG
Kali-kali koneng Naha koneng aing di kali Piubareun budak Naon budakna Hulu lisung Naon pangasuhna Jurig beureum dikukuncung

8.KALONGKING
Kalongking-kalongking Bapa sia hudang ngising Dibura ku madu kucing Madu kucing meunang maling Kalongking-kalongking Bapa sia utah ngising Beak samak beak samping Teu cageur waktu sapeuting

9.MARGALUYU
Bang kalima-lima gobang bang Bangkong di tengah sawah wah Wahey tukang bajigur gur Guru sakola desa sa Saban poe ngajar jar Jarum paranti ngaput put Puteri nu gareulis lis Lisung kadua halu lu Luhur kapal udara ra Ragrag di Jakarta ta Taun opat hiji ji Haji rek ka mekah kah Kahar tujuh rebu bu Buah meunang ngala la Lauk meunang nyobek bek Beker meunang muter-ter Terus ka Cipaten pen Pena gagang kalam lam Lampu eujeung damar mar Mari kueh hoho ho Hotel pamandanga ngan Ngantos kanjeng dalem lem Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong!

10.PUNTEN
Punten mangga Ari ga, gatot kaca Ari ca, cau ambon Ari bon, bonteng asak Ari sak, sakit perut Ari rut, rujak asem Ari sem, sempal-sempil Ari pil, pilem rame Ari me, meja makan Ari kan, kantong kosong Ari song, songsong lampu Ari pu, puak-paok Ari wok, wok candewok

11.OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong Melak cabe di Tarogong Dihakan ku embe ompong Diteang kari sapotong Au-au eheng Beuleum cau tutung geheng Embe-embe domba Anak sapi tutunggalan Ema-ema weya Si Sahi kabuhulan Hayang geura diinuman Embe-embe doma Anak sapi tutunggalan Ema-ema weya Si Sahi pupundakan Ku baturna ditumbukan...

12.RAT-RAT GURISAT
Rat-rat gurisat Nini ingrat paeh diselap Tiselap kana kuciat Dibura ku laja tuhur Laja tuhur meunang ngunun Meunang ngunung tujuh taun Kadalapan diburakeun Nyeh prot, nyeh prot, nyeh prot....

13.TOKECANG
Tokecang-tokecang Balagendil tosblong Angeun kacang-angeun kacang Sapendil kosong

14.TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang kolentrang Si Londok paeh nundutan Mesat gobang kabuyutan Tikusruk kana durukan

15.TIK-TIK TOLEKTAK
Tik-tik tolektak Ari tak, taktak bareuh Ari reuh, reuhak cina Ari na, naya gengong Ari gong, gongseng panas Ari nas, nasi baso Ari so, sorangan bae yeuh...


POSTING BERKAITAN




Template design by:
m-template | Home

2 komentar:

alkatro mengatakan...

assalamu alaikum
di terjemahin dumz artinya he he
mengenai template,

kalao yang di tempat ane
http://alkatro.blogspot.com/2011/01/blogger-mobile-friendly-template.html

untuk konversi otomatis kalo pengunjung dateng pake opera mini/iphone, sedangkan pengunjung dengan browser komputer tetep akan lihat versi template aslinya btw
saya suka banged mobile template ini dulurr widgetnya dipotong tetep keren + enteng loadnya :)

Kang Bagas96 mengatakan...

Sampurasun dulur, Wah jadi emut nuju alit kang ari nuju ngariungteh kadang ngahariring keun kawih eta lur hehe..

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Posting Komentar

Paling Populer

Bahasa: id I En I Ru I Sun
Online Users saungsunda.blogspot.com Google PageRank™ Value from GoPageRank.com