Tampilkan postingan dengan label Humor Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Humor Sunda. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 19 Maret 2011

Downlod Mp3 Bobodoran,Papantunan Dan Ceramah Kang Ibing

Kusmayatna Kusumadinata atau yang tenar dengan nama Kang Ibing merupakan Sosok multitalenta.wafat di usia 64 pada Kamis (19/8/2010) karena sakit. Ia sempat dirawat di Rumah Sakit Al Islam Bandung, setelah terjatuh di kediamannya di Cijawura, Bandung, Kamis sekitar pukul 20.00.
Pria yang lahir di Sumedang pada 20 Juni 1946 itu dikenal sebagai sosok yang jenius. Tak hanya dikenal sebagai pelawak, tetapi juga pembawa acara andal, bintang film, dan pendakwah.
Bersama Aom Kusman, Suryana Fatah, Wawa Sofyan, dan Ujang, Kang Ibing mendirikan kelompok lawak D'Kabayan. Masing-masing memiliki keunikannya sendiri, di mana para anggotanya mewakili sosok etnis tertentu. Suryana Fatah, misalnya, dikenal sebagai Koh Holiang, Wawa Sofyan sebagai Mas Sastro. Sementara Kusmayatna menggambarkan sosok legenda Sunda Kang Maman alias Ibing.
Sosoknya begitu gampang dikenali. Kang Ibing kerap tampil lengkap dengan sarung tersampir di pundak dan peci yang menjadi ciri khasnya.
Sukses di dunia lawak, ia juga beberapa kali ikut terlibat dalam berbagai film, seperti Si Kabayan (1975), Ateng The Godfather (1976), Bang Kojak (1977), Si Kabayan dan Gadis Kota (1989), Boss Carmad (1990), Komar Si Glen Kemon Mudik (1990), Warisan Terlarang (1990), dan Di Sana Senang Di Sini Senang (1990).
Di luar kesibukannya di dunia hiburan, ia juga dikenal sebagai pendakwah yang kerap memberikan ceramah ke sejumlah tempat, termasuk ke pelosok-pelosok daerah.
Nah Untuk Mengenang beliau disini saya sediakan Link Download Mp3 Karya2 Kang Ibing.


BoBodoran Kang Ibing

Kang Ibing_Mamaungan
Kapekprek Curuk
Mabok Mawa Beunghar
Kaktus
Kadek Aing
Jawara Gengsi
Copet Awewe
Aki Aki Nyusu
Eupan No.1
Bere Beja Siah
Bohlam
Garasi Aing
Hiji Ge Maung
Aki Aki Dina Kapal
Basa Walanda
Abah Wiranta
Tungtung Tiang Listrik
Udin Jeung Aceng
Tukang Kupat Jeung Kareta Api
Kang ibing papantunan (dewi roro inem)
Kang Ibing Papantunan 1
Kang Ibing Papantunan 2

Kang ibing ngadalang
Randa 20 kali
Senam Pagi
Tunji
Benci
Kang Ibing Ceramah Di Jepang 1
Kang Ibing Ceramah Di jepang2
Kang Ibing Ceramah Di Jepang 3

Sabtu, 26 Februari 2011

Santri jeung Pulisi

DINA riungan di bumi ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. Cék ajengan, "Mun hayang meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat Alloh mah aya dina rarakatan solat. Sok geura urang tataan, isa 4, subuh 2, lohor 4, asar 4, magrib 3." Geuning babari nginget-ngingetna, cék éta santri gegerendengan sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat. Kahatur Gusti Alloh di 42443 Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah. Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka Salira. Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh karerepet. Eta, patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal- énggal méréskeun bayaran sakola. Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu. Hatur nuhun sareng diantos waleranana. Baktosna, Santri nu teu weléh babakti. Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos. Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh murag ka jalan. Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan kana motor. Reg lebah kotak pos. "Bieu mah siga mubus ka kantor pos," cék nu saurang. "Lain, ngabiur ka ditu!" walon baturna. "Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul." "Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu. Ké, ari éta naon?" cék nu hiji bari nunjuk kana surat. "Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik urang asupkeun deui..." cék baturna. Kop kana surat, méméh diasupkeun téh dibaca heula. Nyéh seuri sorangan. "Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti Alloh. Cik urang buka..." bari gereyem dibaca. Baturna milu maca. "Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh..." "Béré naon?" "Asupan duit... pira saratus rébu." "Teu boga... ngan boga 75 rébu...." "Enya saayana wé... jajapkeun ka imahna bari balik..." Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri. "Yeuh, aya surat?" "Ti Gusti Alloh?" "Enya." "Alhamdulillah, tos diwaleran. Nuhun..." Bus ka imah. Gancang surat dibuka. Terus kerung. Teu ngengkékeun, gutrut wé nulis deui surat. Gusti, hatur nuhun kintunanana parantos katampi. Mung pamundut, ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi. Geuning dipotong 25 rébu.

Paling Populer

Label

Bahasa: id I En I Ru I Sun
Online Users saungsunda.blogspot.com Google PageRank™ Value from GoPageRank.com